Dede Sulaeman. Diberdayakan oleh Blogger.


Dewa 19 awal dibentukna tahun 1986 kubarudak SMP 6 Surabaya anu personilna Ahmad Dhani Manaf (Keyboard,Vokal) Erwin Prasetya (Bass) Wawan Juniarso (Drum) Jeung Andra Ramadhan (Gitar) Anu markasna di imah Wawan di jero Komplek Universitas Airlangga(Unair) Surabaya.
Warna musik awalna Pop,Tapi Erwin anu penggemar musik Jazz ngenalkeun musik jazz ka grupna, lantas Dewa jadi barubah haluana jadi musik jazz.Wawan anu penggemar berat musik Rock mutuskeun kaluar waktu tahun 1988 terus gabung ka Outsider anu anggotana Ari Lasso.posisi Wawan terus digantiku Salman ngaran Dewa langsung barubah jadi Down Beat.
diwaktu Band Slank mulai kasohor,Wawan di ajak deui kanggo ngarirupan deui Dewa.sabari ngajak Ari Lasso Ngaran Down Beat lantas di ganti jadi Dewa 19 lantaran di waktueta personilna rata-rata umurna 19 tahunan.Babaturan Wawan anungarana Harun tertarik kanggo ngamajukeun Grup band Dewa 19 Harun ngucurkeun dana Rp. 10 Jt kanggo modal babaturana rekaman.
Album kahiji dewa 19 di luncurkeun tahun 1992.diluar dugaan album ieu sukses di pasaran,nepikeun menang penghargaan di BASF kanggo kategori pendatang baru terbaik jeung album terlaris tahun 1993. di waktu ekeur nyieun album ''Format masa depan''Wawan kaluar lantaran geusteu aya kacocok deui.posisi wawan di gantiku Rere kanggo posisi Drumer.di Album terbaik terbaik beres Wong Aksan asup ngagantikeun Rere di posisi Drumer.tahun 1998 Wong Aksan di kaluarkeun ti Dewa 19 di ganti Bimo Sulaksono .
salain masalah pergantian personil Dewa 19 oge ngalaman katerlibatan 2 personilna Ari Lasso Jeung Erwin Prasetya keuna masalah Narkoba Erwin asup rehabilitasi jeung Pasantren.sedengkeun Ari Lasso hese di hubungan maksa Dhani ngaganti posisinaku Once jadi Vokalis.
Tahun 2000 ngaran Dewa 19 di ganti jadi Dewa karna asupna Once jeung Tyo Nugros .Erwin Prasetya anu geus sehat gabung deui posisina jadi pemain Bass. tapi teu lila Erwin Kaluar lantaran teu cocok posisina digantiku Yuke Sampuna (mantan basiss The Groove).
Tahun 2004 Dewa ngalaurkeun Album Laskar Cinta ngarana di ganti deui jadi Dewa 19.
dina tahun 2008 posisi drumer anu di eusiku Tyo Nugros di gantiku Agung Yudha.

Personil :

Dhani Ahmad Manaf (kibor)
Andra Junaidi (Gitar)
Elfonda mekel (Vokal)
Yuke Sampurna (Bass)
Agung Yudha (Drum)


Posting Komentar

Silahkan Masukan Komentar Anda